Tamu Panungtung

Geus 70 taun leuwih, umur Bapa teh. Pangsiunan tentara.Karesepna beda ti batur. Kudu ngobrol uplek unggal poe, Jeung tamu nu beda-beda. Saban poe uing ngulincer, neangan nu daek maturan ngobrol, tatangga deukeut mah meh geus imeut kabeh. Geus ngasaan olohok, ngadengekeun rahul jeung pepeta Bapa. Rumasa jadi anak nu ngan hiji-hijina. Kuring tetep ngayun kahayang Bapa, bari sakapeungmah sok ngarasa era, mun tamu sok nyerengeh beda, tiap kuring mere buruh ka maranehna. “Ari, isukan saha nu rek namu teh, Jang ?”, tanya Bapa,memeh sare. Teu dijawab.pikiran bingung, mikiran pitamueun. Babaturan sakantor geus kabagean kabeh, Komo barudak ojeg di pengkolan mah . “ Kudu neangan kamana deui nya ?.Pikiran baluweng. Lieur mikiran. Dug we sare. Isukna. Keur manaskeun mesin mobil. Diluar pager, aya jelema ngajengjen siga nu bingung. Disampeurkeun. “ Leres ieu teh Bumina, Pak Arham !?”. Giak, kuring ngaenyakeun. Ret kana keureutan beungetna, budak ngora keneh, umurna moal geseh jauh jeung kuring. Ngan palebah neuteup sorot panonna. Uing sakedapan ngageter. Panonna seukeut, tur semu hurung. Pasosore balik ngantor, uing kacida kagetna, imah pinuh ku tatangga nu keur ngagugulung Bapa. Napas bapa tos les-lesan, kari kiceupna nu lindek, semu keur ngadagoan kuring. “ Teangan ….!, omat kudu diteangan deui, sing nepi ka kapanggih ! “. Laju Bapa ngerejet tilu kali. Mulih ka jati. Kasedih campur jeung ka helok, Bapa make baju pangsi jeung diiket waktu maot teh, beda ti sasari. Waktu mayitna di mandian, dina tonggongna raca, barared, siga urut nu nyakaran.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Nyai Endit: Tamu teh misterius. Tah!eta nu ngadamel nu maos panasaran teh lah!
  2. Nazarudin Azhar: Hédéd!
  3. Tanti Damayanti: aheng....
  4. Akoer Lah: sigana eta tamu teh jirim ti lodaya, bapa arham ngagem elmu pamacan, meureun.....hehehe...
  5. Cassa Grande: ideu sareng eusi nu tos karaos layeut. Mantep!
  6. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: saha atuh éta tamu panungtung téh?
  7. Ahmad Yani: Nyai Endit : Heu heu , Damang Nyai ?, lawas teu patepang di dumay? hatur nuhun tos mairan !
  8. Ahmad Yani: Ang Nazarudin Azhar : Hatur nuhun Ang !, katampi pangdeudeul sumangetna !
  9. Ahmad Yani: Tanti Damayanti : Pangneguhkeun manawi !, saha atuh tamu panungtung teh nya? heu heu heu ... Hatur nuhun tos mairan !
  10. Ahmad Yani: Akoer Lah : Tiasa janten kitu oge !, namung duka ?, moal kitu eta ?, ah piraku ?, tapi ketang ?, heu heu heu !
  11. Ahmad Yani: Cassa Grande : Hatur nuhun upami katampi mah, Ang!!
  12. Ahmad Yani: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu : Sumuhun saha nya ?, ah sok api-api Nyimas mah, sakitu tos terang ge ? heu heu heu !
  13. Ki Hasan: Asa maca fikmin Titis Tulis (Jeffrey Archer) tarjamahan Kang Hawe Setiawan. Jigan tamuna sakratul maut tah.
  14. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: leres teu apal...moal boa mah maung lodaya kitu?
  15. Entjep Sunardhi: Jampe pamake kolot nu ngagem elmu kadugalan.
  16. Ahmad Yani: Ki Hasan : nuju hoyong tatarucingan sareng hate, manawi Ang ! heu heu ! hatur sewu nuhun tos mairan !
  17. Ahmad Yani: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu : Rupina kedah ngantosan wengi heula, upami mata poe tos surup, nembe tiasa ka buka manawi ! hi hi hi hi !
  18. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: ah...matak beuki panasaran waé iru téh
  19. Ahmad Yani: Kang@Entjep Sunardhi : Alhamdulillah, abdi kantos janten Urang Sukabumi Pakidulan, salami 12 taun, nohonan tugas nagara. Seueur pisan ningan "kabudayaan" aheng, nu sateuacanna teu kantos kapendak . Ieu fikmin oge, sabahagian, tina pangalaman anu kantos ka alaman ku sim kuring dina waktos harita. Hatur sewu nuhun tos kersa mairan , Kang ! Baktos abdi kangge kulawargi di bumi !
  20. Rohendi Pandeglang: tamu eta, pasti ti banten... Hehe kapedean...
  21. Ahmad Yani: Aka #Rohendi Pandeglang : Heu heu heu ... leres pisan Ang !, ti daerah Bayah, Lebak ! Ang ! he he he he !!
  22. Akoer Lah: 'Ning apal Bayah? pan eta lembur putri mertua, bati sim kirung 6 taun ngumbara..
  23. Ahmad Yani: Akoer Lah : hi hi hi ... apan paeunteung-eunteung sareng Cibareno, kahalangan mung ku wahangan nu Belutna sagede-gede Catang Kalapa . Heu heu heu !
  24. Rohendi Pandeglang: didinya ngabadeg, carita mistis. Malah, majar aya titinggal perang walanda nu dikubur di lebah tanjakan. Teuing di palebah mana
  25. Ahmad Yani: Leres pisan Aka !, matak kukurayeun nyeta. Araheng pisan !. Cobi galih ku Aka, aya panganten anyar , enjing na ibak kuramas, ari pamegetna mah mung mencrong ,wae bari ngahuleng, da teu rumaos nanaon !? heu heu heu heu heu !!
  26. Pak AdSulaeman: Kang Rohendi Pandeglang, 20 taun nu kalangkung sim kuring nganjrek di pandeglang, kec cimanggu
  27. Godi Suwarna: :"Siiip dekh, Mang Yan...! Fikminna tambih cakial..."
  28. Nana Slamet Tresna Aji: Bapa Arham nu bénten ti batur & tamu nu anéh janten fikmin misteri, ahéng ... aheng!
  29. Ahmad Yani: Kang@Godi Suwarna : Hatur nuhun Ang Perbu, hoyong nyobian manawi di ajar " Mimisterian " heu heu !, namung orokaya , kacida sesahna ningan !
  30. Ahmad Yani: Nana Slamet Tresna Aji : Heu heu heu nuju nyobian, nyerat ules kieu Ang ! , tapi rada ngesang , ningan ! he he !.
  31. Nana Slamet Tresna Aji: Ahéng pisan Ang, abdi mah teu acan tiasa ...
  32. Ahmad Yani: Ah ... ieu ge , bari tataregtogan wae Yayi, ladang ngemutan deui pangalaman kapungkur nu kungsi ka alaman. heu heu ! hatur sewu nuhun kana pairanna ,Ang Nana Slamet Tresna Aji !